Ajen Estetika Dina Puisi (Sunda)

Puisi

2.1.1 Wangenan Puisi

Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda (KUBS), puisi nya éta basa dandingan (tembang), kawih, sair jeung sajabana.

Puisi nya éta karangan anu dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran atawa cara basa sapopoé (Isnendes, 2008:17).

. Numutkeun Sanon Ahmad Sajak nya éta pamikiran manusa nu paling kongkrit tur artistik dina basa émosional nu ngandung wirahma (Isnendes 2008:23).

 

2.1.2 Klasifikasi Puisi Sunda

Dina hal ieu, medar husus masalah puisi Sunda. Puisi Sunda dina warna heubeul nya éta:

2.1.2.1 Nu ngawujud carita

Maksudna nu ngawujud carita téh nya éta teksna dina wangun puisi tapi eusina ngawujud carita sacara naratif, contona nya éta pantun jeung wawacan

2.1.2.2 Nu teu ngawujud carita

Teu ngawujud carita téh teks jeung eusi aya dina wangun puisi. Aya sababaraha hal nu kaasup puisi nya éta:

  1. Mantra

Mantra nya éta jampé nu dipimilik ku jalma nu geus dianggap dewasa. Mantra gelar dina wangun lisan biasana mah diapalkeun sarta cara nyebarkeunana tatalépa ti hiji jalma ka jalma lian. Nurunkeun mantra baheula mah teu bisa sambarangan boh waktu boh jalma kitu deui carana. Rusyana (1970) ngabagi-bagi mantra jadi genep nya éta:

  • Asihan nya éta mantra nu dipaké pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian, nu dipikacinta supaya bogoheun jeung nu mapatkeunana pinunjul kakasepanana atawa kageulisanana nepi ka pada mikaasih (Rusyana, 1970:11)
  • Jangjawokan nya éta mantra nu dipaké pikeun atawa rék milampah hiji pagawéan tujuanna sangkan pinunjul hasilna turn u ngalampahkeunana aya dina kasalametan atawa karahayuan (Rusyana, 1970:12)
  • Ajian nya éta mantra anu dipaké pikeun meunangkeun kakuatan pribadi atawa pikeun ngajaga lembur, raja kaya, pepelakan, ingon-ingon jeung sajabana. Salian ti pikeun ngajaga diri ajian sakapeung sok dipaké ku tukang teluh (Rusyana, 1970:12).
  • Singlar nya éta mantra nu dipaké pikeun nyinglar gangguan kunti, jurig, lelembut, musuh, sasatoan nu galak jeung hama nu ngaganggu manusa (Rusyana, 1970:13)
  • Rajah nya éta mantra nu dipaké upama rék ngambah leuweung nu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukeun siluman-siluman, nagruat jeung sajabana (Rusyana, 1970:13)
  • Jampé nya éta mantra nu dipaké paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan upamana kabeureuyan, jengkoleun jeung sajabana (Rusyana, 1970:13)

 

 

  1. Sisindiran

Kecap “sisindiran” téh asal kecapna “sindir” nu hartina sisi. Ngomong ku sindir maksudna ngomong anu teu togmol pikeun ngaragangan anu dibawa nyarita supaya omongan urang karasana teu nyentug atawa ngagasruk kana haté (Salmun, 1958:50).

M.A. Salmun ngabagi sisindiran jadi tilu nya éta:

  • Wawangsalan nya éta
  • Rarakitan
  • Paparikan
  1. kakawihan

kakawihan asal kecapna tina kawih nu hartina:

    • rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Ngawih nya éta ngalagukeun kawih atawa sisindiran
    • Lagu ngawih saperti Polostomo, Pacul goang, kadewan, jsté (Soepandi& Oyon Sofyan Umsari, 1958:7)

 

  1. Sair

Dina sair aya nu disebut:

  • Pupujian nya éta wangun karya sastra lisan nu gelarna di wewengkon pasantrén. Sumebarna ngaliwatan para santri ti dinya ka masarakat sarta ka sakola-sakola agama.
  • Sawer nya éta wangun karya sastra lisan nu eusi utamana papatah saluyu jeung upacara nu dilakukeun.
  1. Pupuh

Dina wangun pupuh téh aya dua hal nu kaasup tina bagian pupuh, nya éta:

  • Dangding nya éta karangan kauger dina pupuh (nu bisa ditembangkeun)
  • Guguritan nya éta jejer atawa poko tina nyieun wawacan

 

Lian ti puisi heubeul aya ogé puisi dina wangun anyar, nu gelar jeung sumebar dina wangun tulisan nya éta sajak. Isnendes (2008) ngébréhkeun aya sababaraha hal nu patali jeung sajak nya éta: kahiji panyajakna, kadua sajakna, katilu pamacana.tilu ha lieu, diantarana bisa nagtukeun kahirupan sajak upama dijujut sacara kronologis. Salian ti éta tina tilu hal éta ngabalukarkeun peristiwa penting nu mangaruhan hirup-huripna sajak éta.

Dina taun 1952 kungsi ramé aya polemic ngeunaan sajak. Salah saurang panyajak nu ngakukeun Ki Sunda nyerang wangunan sajak nu dimuat dina majalah-majalah. Puncakna lumangsung dina taun 1955, waktu Wahyu Wibisana nulis artikel ngeunaan sajak dina majalah Warga sarta disanggah ku Yuyu Yuliati.

Aya sababaraha alesan pangna karangan wangun sjak bebas harita ditolak diantarana:

  1. mangrupa panagruh sastra deungeun lain bibit buit sastra Sunda
  2. henteu luyu jeung susunan basa sarta kaayaan urang Sunda
  3. hésé dihartikeunana
  4. henteu boga patokan anu tangtu saperti dangding
  5. taya bedana jeung wangun lancaran anu dijéjér-jéjér

 

 

 

2.2 Hubungan Éstétika jeung Puisi

Éstétika mangrupa hiji kajian kaélmuan anu medar mangrupa-rupa aspek kaéndahan dina sawatara hal boh jijieunan jelema, boh nu nyampak di alam. Numutkeun sababaraha ahli, éstétika bisa di definisikeun ngaliwatan tilu pamarekan, nya éta :

a.       Éstetika dina arti lega,  mimitina mangrupa wangenan nu dibikeun ku bangsa Yunani, hususna Aristoteles, Plato jeung kaum filsuf liana. Ceuk maranéhna nu ddi maksud kaéndahan téh mangrupa hal nu mawa suasana éndah saperti watek nu éndah, hukum nu éndah, ideu nu éndah. Lian ti éta, Plato ogé nyebutkeun yén éstétis téh salian ti alus ogé kudu pikaresepeun..

b.      Éstétika dina arti éstétika murni ngaitkeun pangalaman éstétis ti hiji jelema dina hubunganna jeung sagala hal nu ditampana.

c.       Éstétika dina arti heureut leuwih nyoko kana kaédahan nu nyampak dina wangun barang visual nu bisa kaerong ku mata sacara lahiriah.

Tina sawatara definisi diluhur, urang bisa nyieun kacindekan yén éstétika medar sagala hal dina jihat kaéndahana boh nu katingali sacara lahir atawa mawa atawa nimbulkeun suasana éstétis.

Sajak mangrupa hiji karya sastra ugeran. Numutkeun Sanon Ahmad Sajak nya éta pamikiran manusa nu paling kongkrit tur artistik dina basa émosional nu ngandung wirahma (Isnendes 2008:23). Dina sajak ieu kapanggih ku urang sawatara hal nu has saperti gaya basa, pola nulis jeung nepikeun amanat anu bédé jeung karya sastra prosa.

Hubungan éstétika jeung sajak leuwih jiga hubungan hiji pangaweruh jeung salasahiji objekna. Sajak mangrupa objek éstétika kulantaran saupama kuurang dibandingkeun kana wangenan sajak tadi, écés pisan cumpon kana wangenan éstétika dina harti jembar jeung murni. Ayana kaéndahan nu mangrupa sajumlah kualitas poko nu tangtu nu aya dina sajak. Kualitas nu paling sering disebut nya éta kesatuan (unity), keselarasan (harmoni), kesetangkupan (simetri), keseimbangan (balance) jeung perlawanan (contrast). (Darsono & Nanang 2004 :2)

Ciri-ciri pokok éta ku ahli piker diébrehkeun yén kaéndahan disusun tina mangrupa-rupa keselarasan jeung perlawanan dina garis, warna, wanda, wirahma, jeung kekecapan.

 

 

 

2.3 Analisis Ajén Éstétis dina Sajak “Grand Prix”

Sajak Grand Prix mangrupa sajak karya Godi Suarna. Sajak ieu numutkeun titimangsana di jieun taun 1996 mangsa Orba masih kénéh ngawasa di nagara ieu. Sajak ieu dituliskeun dina buku kumpulan sajak nu judulna Blues Kéré Lauk. Teks lenkep sajak Grand Prix nya éta :

 

Grand Prix

Nincak gas sataker kebekmobil sport ngagerung mangprung rék ngudag

jorélat waktu da startna kapandeurian. “Ah tangtu kasusud tapakna!”

cék haté anjeun harita. Jalan lempeng jalan nanjak pungkal-péngkol

kénca-katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang

taun diliwatan. Ti saban-saban simpangan mobil deungeun milu

nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang kapandeurian. “ I can’t get

no satisfaction!” sora kasét gumuruh nyasaak langit ngendag-ngendag

dungus mangsa. Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat.

Anjeun kudu nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak,

Nu jumerit mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong

kelemengna; “Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabut setit guwar-

giwar.” Boa di itu péngkolan!” cék nu séjén bari hantem silihsénggol.

Dina hiji mangsa, anjog anjeun jeung nu séjén, méh bareng ka garis

Finish, persis di jero kuburan, tuluy nampa piala teteger batu !

 

Saperti dina sajak atawa karya sastra karangan Godi Suwarna lianna, sajak Grand Prix ieu ogé miboga karaktéristik has Godi nu hayang ngagorowok. Sajak Godi sacara umum ngagambarkeun ébréhan haté tinu sanubari nu ngagambarkeun kritik atawa kaayaan diri manusa dina kahirupanana. Saupama di talaah, analisis sajak Grand Prix ieu bias di tilik kanu dua aspek nya éta konten jeung kontekna

 

2.3.1 Talaah kontén sajak

Kontén  nya éta eusi dina sajak. Dina kontén ieu ngawengku ayana eusi, symbol jeung amanat karya. Bisa disebutkeun yén kontén ieu téh mangrupa ruhna karya.

Dina sajak Grand Prix ieu, Godi Suwarna nepikeun hiji gagasan mangrupa siklus kahirupan manusa anu orientasina kana dunya. Dina kalimah : Nincak gas sataker kebek / mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu /da startna kapandeurian. / “Ah tangtu kasusud tapakna!”// Godi Suwarna gagambarkeun hiji kajadian manusa anu manéhna ngarasa tinggaleun atawa émang tinggalaleun dina hal dunya. Saterusna jelema éta téh ngabogaan maksud hayang bisa meunangkeun harta jiga batur.

Siklus hirup jelema nu di guar ku Godi dina sajak ieu dimimitian ti dieu, nya éta nalika hiji jelema geus bisa jeung boga kawasa pikeun ngudag dunya. Gambaran éta ku Godi di papaéskeun atawa disapertikeun mobil-mobil nu keur ngamimitian balap dina Grand Prix. Mobil balap biasana disiapkeun sacara taliti ogé ati-ati tapi ngan saukur dipaké dina lintasan balap wungkul, teu bisa di paké di jalan raya. Kitudeui mobil balap mah ukur boga hiji tujuan nya éta meunang dina lomba, teu kudu merhatikeun patandang séjén nu penting mah tujuanana kahontal. Hal ieu miboga siloka yén jelema téh geus disiapkeu kunu nyiptakeuna kalayan itung-itungan nu kacida taliti tur sampurna, ngan hanjakal sawaréh ti urang ngan disa ngamangpaatkeu poténsi éta téh pikeun ngahontal hiji hal wungkul tur kudu ngahususkeun manéh ku kituna loba jelema nu teu apal kana kaayaan sabundeureuna lantaran sibuk sorangan. Lian ti éta, mobil balap ogé ngagambarkeun hiji hal nu ngarana idealisme nu museur kana pribadi atawa egoisme.

Ti saban-saban simpangan/ mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit/ pada-pada teu hayang kapandeurian.//“ I can’t get no satisfaction!”/ sora kasét gumuruh nyasaak langit ngendag-ngendag dungus mangsa//. Bait sajak éta leuwih negeskeu deui pola kahirupan jelema anu pada-pada embung kapandeurian dina sual harta jeung dunya. Mobil nu ngagambarkeun pribadi jelema teu hayang kapiheulaan kunu séjén dina sagala hal utamana kamajuan. Kamajuan di dieu ditapsirkeun kamajuan lahiriah.

Dina kalimah saterusna Godi ngébréh keun kumaha prak-prakan kahirupan nu pinuh ku paheula-heula, silihdedetkeun, siihtengkas pikeun ngahontal pamaksudan. Hal iu kagambar dina ungkara : /sora kasét gumuruh nyasaak langit/ ngendag-ngendag dungus mangsa.// Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat.// dina hal ieu nu diangkat diksi sora kasét gumuruh nyasaak langit. Ieu maksudna téh nya éta gumuruh haleuang kahayang haté jeung paciweuhna dunya nu sakitu rongkahna nu dianggap mirig kahirupan dunya nu keur balap téa tepikeun disaprtikeun nyasaak langit nya éta ngahontal jagat.

Kadituna di ungkarakeun deui diksi, anjeun kudu nambrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Sacara tersirat ogé tersirat jelas pisan hal nu haying ditepikeun téh nya éta sikep licik. Urang kudu bias ngamangpaatkeun batur tinimbang dimangpatkeun batur. Urang kudu bisa ngagawéan batur daripada digawéan batur, mun perlu ngajungkelkeun batur daripada dijungkelkeun batur. Hal ieu ilahar dina kairupan jelema sapopoé. Loba jelema nu gawéna kawas kitu.  Teu saeutik nu téga ngorbankeun kapentingan batur keur kapentingan sorangan. Lian ti kitu jelemaogé boga sikep dasar haying salawasna aya dihareup nya éta jadi nu di-pang-keunana. Ku kituna ha lieu mangrupa tarékah nu salah pikeun ngahontal hal éta.

Di tungtung sajak di ungger perkara akhir tina balp, nya éta maut. Katingali yén anu salila ieu dibélaan ngan semet ka kubur. Saengeus di kubur mah kabéh mawa hal nu sarua, teu mawa barang jeung harta banda beunang kukumpul. Dina sajak digambarkeun yén nu geus ka alam kubur mah ngan saukur dibéré piala teteger batu, hartina nu aya ukur nisan. Urang moal mawa nanaon ka kubur sakumaha beungharna ogé.

Sajak di luhur mangrupa maklumat ka diri (ruh) urangsorangan ngeunaan kasadaran kana kahirupan tur kasadaran kana ayana Pangéran. Di dieu Godi ngagambarkeun khirupan kalawan simbo nu diwakila ku kajadian-kajadian dina balap mobil. Kahirupan urang teu sakudun jiga mobil balap nu silhteumbrak, silih tabrak, tapi kudu bisa hirup bareng jeung nu lian. Lian ti éta urang ogé kudu inget kana panungtungan kahirupan urang ieu téh nya éta maot. Maot salawasna jadi misteri teu apal ieraha rék dating, dimana, keur kumaha urangna. Nu jelas nalika urang maot engké urang moal mawa harta nanaon. Teu guna harta urang lamun ditéangan ngaliwatan jalan nirca nalika dimana ké urang maot. Kapasrahan tur kasadaran éta nu hayang ditepikeun ku pangarang kanu maca téh.

Hal ieu jadi hiji kaéndahan sabab miboga ajén pikeun pakéeun balaréa (utility fungsion) anu bisa nimbulkeun hiji suasana ka pamaca tepikeun maranéhna bisa nyangking amanatna.

2.3.2 Talaah kontéks sajak

Sajak Grand Prix ieu kawilang sajk nua rada unik saupana disawang sacara bentuk lahiriahna. Basa nu dipaké jeung caranulis sajak nu has ngajadikeun sajak ieu rada béda jeung kalobaan sajak nu biasa ku urang panggihan.

Godi make gaya basa naratip dina sajak ieu. Maksudna sajak ieu diwangun lir ibarat hiji runtuyan carita narasi. Unsur-unsur karya narasi nu biasana aya dina prosa, nyampak dina karya ieu. Ayana alur, tokoh, pola topografi jiga paragraf jeung dialog anu biasana aya dina prosa nyampak dina sajak ieu. Ku cara ngawangun sajak ieu maké cara semi naratip, gaya nepikeun sajakna ogé milu jiga nu maca naratip, ngan leuuwih ekspresional. Ku jalan saperti kitu, mangka hal nu ditepikeun ku sajak bakal karasa leuwih gampang kacangkem tinimbang gaya sajak nu teu maké pola naratip. Ngaliwatan carita biasana urang bakal leuwih gancang nyangkem pamaksudan karya tinimbang sajak nu pinuh basa ugeran.

Tina aspek basa ogé sajak iu kawilang unik kulantaran teu ngan saukur maké basa Sunda tapi ogé maké basa deungeun atawa basa serepan ti basa deungeun. Hal ieu téh tujuana pikeun nguatkeun makna jeung tujuan nu hayang di hontal pangarang kana sajakna. Di dinya aya haleuang bait salasahiji lagu Inggris “ I can’t get no satisfaction!” jeung sawatara istilah nu liana nu nghaja teu disundakeun. Basa nu dipaké ogé lain basa Sunda nu lemes tur loba ugeran, tapi basa Sunda nu loma tur sajaralangna. Hal ieu nimbulkeun hiji suasana nu has tur bisa keuna kana hate saupama dibawakeun ku cara nu saluyu tur merenah. Ku aya basa kawas kieu téh mangka pamagsudan tur amanat sajak karasa leuwih anteb.

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: