Buku Carita Gambar nu Kalima

Carpon karya : A. F. Bustomi

Buku Carita Gambar nu Kalima

Ayeuna kuring diwisuda, salian ti jama-jama anu pating gumulaung di ieu rohangan panaon kuring teu leupas milari anjeun, hiji wanoja nu mimiti pendak basa eukeur ulangan semester di SMA. Emut kénéh harita téh anjeun nu masih kelas hiji  calik jeung babaturan kuring pas di pengkereun kuring. Tidinya gening timbul rasa anu beda, aya rasa cinta nu mimiti tumuh subur di ieu haté. Awal namah boro-boro ngobrolkeun ieu rasa, kuring teu wantun neuteup panon-panon acan, tapi meureun ku lantaran duriat nu teu bisa dilawan, kuring nepikeun rasa cinta asih ieu ka anjeun. Asa ngimpi harita téh sihoréng anjeun ogé ngagaduhan rasa nu sami. Tiharita geuning dunya téh karasa pisan éndahna, anjeun sumanget hirup kuring, duriat nu nu geus tuwuh na ieu haté, nambah subur kulan taran disiram ku rasa kanyaah jeung rasa kahéman ti anjeun.

Teu karasa gening hubungan urang duaan téh geus nincak kana dua tauna, kuring nu mimiti nepikeun rasa cinta, basa keur kelas dua kénéh sabaraha poé deui geus kudu ninggalkeun SMA. Kulantaran kudu nuluykeun kuliah ka Bandung moro cita-cita kuring. Harita teu kabayang kudu ninggalkeun poé-poé di SMA, nu tiap isuk néang anjeun maké motor kuring, tiap jam salapan waktu istirahat megat anjeun nu badé jajan ka kantin, tiapa soré nganteurkeun anjeun mulang mun urang duaan tos beres sakola. Saperti biasa harita kuring nganteurkeun anjeun mulang sakola, ngan kuring jeung anjeun nyimpang heula ka hiji taman di payuneun balai kota. Kuring masihkeun buku nu eusina carita nu bentukna dina gambar nyaritakeun hubungan tiap detik jeung tiap menit urang duaan salila naratasa ieu hubungan teu bédajauh jeung komik, harita buku nu kukuring dipasih keuna téh buku jilid ka opat da séméméhna aya tilu buku deui nu tos dipasihkeun ku kuring ka anjeun, saperti biasa rarai anjeu kacida marahmaina basa nampa éta buku téh.

Kuring teu nyangka buku éta buku terahir nu dipasikeun ka anjeun. Saperti biasa dina maleman malem mingguan, kuring sok apel ka anjeun. Tapi asa aya suasana nu béda basa kuring nepi ka bumi anjeun. Anjeun kaluar ti kamar ngadadak éta rasa téh leungit kabawa ku haté kuring nu jadi robah ngalem kageulisan anjeun. Saperti biasa anjeun calik dina korsi payuneun kuring. Basa kuring ngamimitian muka omongan, jol aya ibu anjeun kaluar tuluy ngiring calik, bari naros naha kuring téh leres putra Pa Marjuki, kuring némbal ngauhunkeu. Bari tuluy malik naros naha kulawrgi anjeun téh tos kenaleun kanu jadi bapa. Da mun dipikir-piki rmah apan bumi urang téh patarebih. Tapi aya nu anéh basa ibu anjeun némbal ngan saukur mastikeun bari tuluy ngaléos semu nu nyimpen rasa kakeuheul tina jawaban kuring.

Saperti biasa teu béda jeung malem-malem biasana kuring ngadekul di kamar ngarengsekeun buku carita gambar hubungan urang duaan nu teu kinten endahna keur kuring, sanajan sok mineng digelendeng kunu jadi ibu pédah pagawéan téh lain ngapalkeun atawa ngerjakeun PR tapi ngagambar jeung ngagambar wae pagawéan kuring dikamar téh, dakumaha deui rarasan téh ka anjeun waé jeung tos teu sabar hoyong ngaréngsékeun ieu carita gambar nu ngagambarkeu kuring jeung anjeun, hoyong énggal-énggal ningali raray anjeun anu marahmay basa nampa ieu buku.

Saminggu sateu acan kuring mangkat ka Bandung. Kuring angkat ka bumi anjeun badé masihkeu ieu buku jeung ngabéjaan yén kuring katampi dihiji paguron luhur negri di Bandung. Saperti biasa anjeun calik nakorsi payuneun kuring harita anjeun tungkul bari raray anjeun semu anu teu sumanget ningali kuring, teu saperti biasana mun kuring datang ka buni anjeun. Kuring nyarita yén kuring katampi kuliah di Bandung, anjeun ngan saukur émut tuluy tungkul deui. Teras basa kuring badé masihkeu buku carita gambar dina kantong. Ibu anjeun datang tuluy calik gigireun anjeun, pasemona semu nu teu teresep kana kadatangan kuring, ngeureunkeun kegiatan kuring, nu keur ngaluarkeu buku carita gambar tina kantong.

Tidinya ibu anjeun nyarios yén kulawarga kuring tos ngulinkeu kulawargi anjeun, saur ibu anjeun bapa kuring tos salingkuh jeung bibi anjeun, jeung naros kakuring naon maksudna kuring ngabogohan anjeun. Tidinya dunya kuring asa pak lap. Teu bisa ngarasakeun nanaon, ngadenge nanaon nu katingali kukuring ngan anjeun nu keur tungkul bari nyurudcudan cipanonan.

Datang kabumi kasampak ibu jeung bapa kuring keur paséa rongkah. Kuring ngan ukur bisa neuteup teleb tuluy asup ka kamar bari ngageblugkeun awak kana kasur, lalaunan ngaluarkeu buku carita nu kalima keur anjeun tina kantong, diteuteup teleb tuluy ditangkeup ditapelkeun kana dada. Tidinya kuring gering ngalanglayung mikiran kuring jeung anjeun. Ningali polah kitu ibu bapa kuring nu geus pipirakan mapagahan kuring yén arek nganteur kuring ka bumi anjeun pikeun nanyaan anjeun.

Sanggeus datang ka bumi anjeun aya saeutik harepan pikeun kuring kaanjeun, tapi teu lila saméméh ibu anjeun nampik kana lamaran kuring. Titas éta kuring mangkat ka Bandung ngabéngbélarkeun anjeun kucara néangan élmu. Tapi sing dikumaha-kumaha ogé ieu haté ngan ukur ka anjeun buku carita urang duaan nu kalima bakalan disimpen pikeun dipasihkeu ku kuring ka anjeun. Ayeuna geus lima taun, ayeuna kuring geus diwisuda, kuring tetep nyandak buku carita gambar urang duaan nu kalima, pikeun dipasihkeun ka anjeun. Boa waé kuring tiasa ningali raray anjeun anu kacida marahmai waktu nampi ieu buku saperti biasana.***

Ka Covan010307

 

4 Pairan (+add yours?)

  1. JOSEPH
    Apr 01, 2014 @ 09:10:29

    curhat nya mang??

    Waler

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Désémber 2016
M T W T F S S
« Feb    
 1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031  
%d bloggers like this: