Lamunan Hareupeun Gedung Sudirman

Carpon karya : A. F. Bustomi

Lamunan Hareupeun Gedung Sudirman

Nyèrèdèt hatè kuring, ningali gedung èta, gedung dimana kuring barèto ngeprakeun hiji cita-cita tina jero ieu hulu, berebey cipanon kuring turun, unggah tina panon ngaliwatan pipi anu geus kapentrarng ku panon poè jeung diwèdakan ku kandelna kekebul Teu kapikir saeutik-uetik acan hirup tèh arèk jadi kieu, baheulamah kuring sok asa bangga hirup tèh, tapi ayeuna hirup ngan ukur jadi sèles nu gawèna ngan ukur ngukuran jalan jeung ngabudah nu lolobanamah ngabustam. Èta nu kapikir ku kuring basa ngaliwatan Gedung Sudirman tempat daftar tentara kamari, bèda jeung baheula datang kadieu. Baheula mah sari gagah sanajan hulu diplontos jeung ngan ukur mawa map hiji warna koneng ogè, tapi ayeuna sanajan dangdanan bisa disebut rapih jeung bonafid, tapi da teu saeutik-eutik acan aya rasa bangga nahatè kuring, nu ayamah ngan ukur rasa bingung nyanghareupan mangsa nu bakal kasorang jeung rasa kucewa kadiri sorangan.

Barèto saban isuk, kuring lari kurang leuwih lima belas kilo,sanajan teu beda jauh jeung ayeuna, tapi kuring bareto lari pedah aya maksudna, nya èta moro cita-cita, jadi tentara. Èta cita-cita tèh geus dipelakeun ti leuleutik lain ngan saukur ku kuring hungkul tapi ku kulawarga ogè, ma’lum baè bapa kuring tentara, jiganamah anjeuna tèh hayang ningali kuring jadi tentara ogè. Malahmah saurna anjeuna tèh “kajeun ngahormat ka anak sorangan  oge”, ma’lum baè da pangkat bapa tèh teu luhur ngan saukur kopral jeung anjeuna hoyong boga anak nu pangkatan. Kuring ogè sanajan pangkat bapa kuring teu pati luhur, tapi kuring bangga pisan ka bapa. Kitu ogè Ema kuring, anjeuna tara capè-capè nèmbongkeun ka batur yèn kuring tèh calon tentara gaganti pun bapa. Mun dikitukeun ku ema teh hatè sok asa reueus kacida. Ieu sumanget tèh muncak basa kuring nincak semester ahir di SMA.

Sabenernamah niat kuring lain hayang asup ka SMA, tapi hayang asup STM jiga babaturan kuring. Ongkoh cènah ceuk baturmah kaluaran STM mah leuwih gampang nèangan gawè tibatan SMA. Tapi kuring teu malirè kana èta bèja, da ceuk pikir kuring harita mah arèk jadi tentara moal nèangan gawè deui, ongkoh cènah sakola di SMA,  leuwih mahal tibatan di STM.Tapi da SMA kuring mah lain SMA paforit. Nincak kana semester akhir di SMA, bapa kuring kacida sibukna ngurus susuratan pikeun jadi persyaratan daftar tentara,  tepi ka basa anjeuna keur udur parna gè, masih kènèh maksakeun ka kabupaten nu jauhna dua jaman ti bumi, pikeun ngurus èta surat. Basa tos rèngsè ujian, kuring ku bapa dipiwarang mangkat ka Bandung, sanajan kuring apal, yèn waktu pembukaan pendaftaran tentara tèh tilu bulan deui, tapi cènah ceuk bapa mah “amih bari latihan, jadi engkè moal reuwas deui mun jadi tentara tèh”.

Tepi ka Bandung kuring cicing di mamang kuring, di daerah Laswi. Tidinya kuring saeutik-saeutik nyaho kumaha ari kahirupan kota, da ngarumasakeun hirup dilembur kurung batokeun, jeung tidinya kuring apal ka si Gugun, nu bakal jadi babaturan saperjuangan dina ngahontal cita-cita. Saban isuk, beurang, jeung sorè teu kurang ti limabelas kuriling kuring jeung si Gugun ngurilingan Lapang Persib, komo mun dihijikeun jeung pusap, sitap, jeung restok mah geus moal kaitung sapopoè natèh. Kuring jeung  si Gugun nyobat pisan tepi ka sesering namah kuring ngèndong tèh laim di mamang kuring tapi di imah si Gugun biasana sok lalajo filem, na TV tepi ka peuting tepi ka kasareanna.

Kemis 15 Juli, kuring jeung si Gugun mangkat ka Cimahi tepatna ka gedung Sudirman. Didinya kuring, Si Gugun jeung rebuan nu hayang jadi tentara baris ngalakukeun tès, nya èta tes kasèhatan. Ieu tèh mangrupa tès nu ka hiji tina genep belas tès, nu kudu di liwatan sangkan bisa jadi tentara, tapi kuring tetep teu gimir ku lobana èta tès. Kuring ngarasa yakin kuring bisa ngaliwatan tès-tès èta. Di Gedung Sudirman kuring jeung nu liana ngan saukur dibariskeun, satuluyna digiringkeun ka Rumah Sakit Dustira. Ngaliwatan rèl karèta nu aya di gigireun Gedung Sudirman jeung digiringkeun ku dua provost, kuring jeung rebuan peserta sèjèna, ngagantungkeun harepan ka poe ieu. Sangkan jadi tentara nu geus nyampak na tiap-tiap lamunan. Tepi di parkiran Rumah Sakit Dustira kuring dibariskeun deui, di dieu tiap peserta diberean nomer tès. Saterusna tiap sapuluh urang numutkeun nomer tèsna asup ka hiji rohangan. Rarasaan kuring tagiwur teu puguh waktu harita, antara sieun, deg-degan jeung rasa bangga, ngagaloh jadi hiji rasa nu teu bisa dikedalkeun ku ieu lètah. Waktu dua jam nungguan kacida pisan gancang nyèrèlèkna. Kuring jeung salapan peserta sèjèna asup ka èta rohangan, basa asup, paasrog jeung si Gugun anu geus tiheula dipanggil, manèhna ting cirihil jeung peserta nu sèjèna, bari laleumpang kaluar ti èta rohangan.

Siap gerak!! Èta nu mimiti ka dèngè di èta rohanagn, jeung ngahudangkeun pangacian kuring nu masih keneh mikiran Si Gugun nu tadi sura-seuri teu puguh. Sanggeus kabèh peserta baris, aya hiji lalaki tegep nu mèrè parèntah sangkan kabèh baju jeung calana dilucutan, atuh kabèh peserta nu tadina dina kaayaan sikap sempurna, jadi ting lalieuk bari sura-seruri nempo ka peserta sèjèna, kaasup kuring nujadi samarpolah ku parèntah èta. Tapi taya saurang-urang acan anu wani protes kana èta parèntah da tina tampang nu mèrè parèntah tèh lain heureuy atawa bobohongan tapi keurserius malah leuwih deukeut kana tampang sangar.

Saurang-saurang peserta dipariksa kalawan taliti ku tiap bagian pamariksaanna. Timimiti buuk tepika dampal suku taya nu kaliwat dina èta pamariksaan. Teu kabayang ku kuring mun aya awèwè liwat mana teuing èrana, untung nu aya didnya sakabèh lalaki, kira-kira kitu gerentes hatè kuring waktu harita. Tapi sanajan kabèh lalaki gè, da tetep waè aya rasa èramah, kusabab jang kuring mah èta tèh pangalaman nu mimiti, buligir di hareupeun jama rèa.Sanggeus bèrès dipariksa hiji-hiji, kuring jeung peserta nu sejena dititah dibaraju deui, terus kaluar dina kaayaan anu tartib, muru ka parkiran rumah sakit bari mawa beungeut anu bareureum kusabab nahan èra nu tadi disanghareupan.

Rada ngemplong ayeu namah hatè tèh, teu caran tadi mèmèh tès, malah kuring bisa  ngahajakeun heula meuli somay kaluar lingkungan rumah sakit, basa keur ngadagoan peserta lain dipariksa kènèh. Di tukang somay kasampak Si Gugun keur cacamuilan bangun ku ngeunah ngadahar somay, basa ditanya tèh cènah lapar ti isuk can dahar, da èta tèa teu nafsu kana dahar gè, bakateuing ku mikiran tès meureun. Tidinya kuring jeung Si Gugun bareng deui ngaleut ka parkiran, tempat sakabeh peserta kumpul ngadagoan hasil tès tadi. Komando saya ambil alih, semuanya siap gerak! Hiji lalaki nu makè baju tentara lorèng mèrè komando, kabèh peserta ting kulisik nukeur nagog, diuk jeung sasarèan dina tèhel kabeh ting korèjat, ka asup kuring nu keur anteng ngobrol jeung Si Gugun geuwat-geuwat asup kana barisan, bari masang sikep sampurna. Si lalaki tadi mèrè parèntah sangkan sakabèh peserta baralik deui ka Gedung Sudirman  kalawan dijalana baris dua-dua jeung tetep tartib.

Sakabèh peserta langsung ngaraleut ka Gedung Sudirman, digiringkeun ku dua provost nu ngajagan di tukang. Ngaliwatan rèl karèta nu tadi, kuring jeung si Gugun silih papuntang-puntang, nyekelan leungeun jeung nincak bantalan karèta anu papisah, leungeun kuring jeung Si Gugun leupas basa aya sora karèta nu mawa urang duaan asup kana hiji rohangan di Gedung Sudirman. Sanggeus sakabèh peserta arasup, tuluy ku provost dibariskeun jeung titah diuk, nyanghareup kahiji mèja panjang, anu ditaplakan ku taplak warna hejo. Teulila ti kajadian èta datang tiluan tentara anu bajuna rimbil ku pangkat jeung baranang ku penghargaan, geus teu diparentah deui dua provost anu keur ngatur peserta langsung ngahormat ka jalma tiluan èta, nu jiganamah boga jabatan luhur di èta tempat. Kuring ngagerentes nahatè leutik, “engkè kuring gè pasti bisa saluhureun jama nu aya di hareup ieu, jeung sakabèh jama pasti bakalan ngahormat ka kuring”. Jaman nu tiluan tadi sanggeus diuk na korsina sèwang-sèwangan terus muka hiji map, jeung silih teuteup antara nu hiji jeung nu sèjèna.

Yang saya panggil harap memisahkan diri, ceuk nu diuk pang tengahna, bari jeung wibawa nitah nu kasebut sangkan misahkeun manèh. Hiji-hiji loba peserta nu nomberna kasebut tuluy nangtung jeung pindah kabeulah katuhu tina gundukan, nu awal. Kaasup kuring salahsahiji peserta nu nomberna kasebut. Tapi bèda jeung Si Gugun, manèh namah ti mimiti tepi ka anggeus nomberna tèh teu kasebut manèhna masih kènèh diuk di gundukan peserta nu belah katuhu. Geus bèrès nataan hiji-hiji nomber nu dipisahkeun, tuluy manèhna ngarenghap panjang, jeung sakali deui ngarèrèt ka babaturana anu aya di sagigireun nana. “Untuk yang saya panggil harap copot nomor peserta kalian. Kalian gagal dan silahkan keluar”

Tina tungkul lalaunan kuring tanggah, ceuli asa teu percaya ngadèngè naon nu tadi disebutkeun. Katingali di gundukan kènca, peserta nu aya silih tangkeup jeung sasalaman paheula-heula mèrè selamat ka babaturana nu aya di gigireuna. Tapi bèda jeung gundukan di belah katuhu, gundukan dimana kuring nangtung. Lain ucapan kabungahan nu aya, tapi sora ingsreukan. Kaasup kuring anu teu bisa nahan cimata. Lalaunan luring ngalengkah moro panto kaluar,karasa lèngkah ngansaukur raga, teuing kamana ari nyawa namah, meureun keur mènta hampura ka pun bapa nu tos ngahancurkeun harepanna, atawa kapun èma anu geus ruksak kabanggaan nana, Leleb kuring ningali panon poè nu mimiti surup kana tempatna, kuring nganbisa tanggah terus tungkul bari ngusap cimata. Taya nu bisa dikedalkeun ku ieu lètah, mung hatè nu terus tumanya naha kieu kajadianana? Gening pait karasana kanyataan tèh, kudu kumaha kuring ngajeulaskeunana? Naha naon tujuan hirup kuring ayeuna?.

Kadèngè sèah sora karèta liwat. Ngahudangkeun lamunan ka alam nu sabenerna. Lalaunan kuring tanggah, ngalèngkah mapayan rèl karèta, leungeun pageuh nyekel lembaran brosur jeung nyusul sora karèta nu geus misahkeun kuring jeung Gugun, jeung harepan bapa, jeung kabanggaan ema, jeung misahkeun harepan tina kanyataan.

 

2 Pairan (+add yours?)

  1. JOSEPH
    Apr 01, 2014 @ 09:01:37

    karunya teuing si emang nu hayng jadi tantara jiga bapak

    Waler

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Désémber 2016
M T W T F S S
« Feb    
 1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031  
%d bloggers like this: