Ajen Estetika Dina Prosa

Wangenan Prosa

Prosa nya éta karangan dina basa sapopoé; lancaran, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok (Iséndés, 2008: 17). Numutkeun Iskandarwassid prosa nya éta wanda basa karangan anu rakitanana cara basa sapopoé, tanpa ngolah wirahma atawa ngatur intonasi anu matok, jste. Nilik wajahna (visual), wacana téh mangrupa runtuyan kalimah-kalimah, boh kalimah langsung boh kalimah teu langsung, tara dipenggel-penggel cara dina padalisan wangun puisi (ugeran). Wangun prosa biasa digunakeun dina dongéng, carpon, novel atawa roman, drama. Diantara wacana prosa sakapeung sok disebut-sebut aya bagian anu puitis; ngandung harti: pohara éndahna, boh lantaran eusina, utamana lantaran diksina jeung rakitanana, nepi ka karasana éfék puisi (Iskandarwassid, 2003:116).

2.2 Klasifikasi Prosa

Prosa bisa dipilah-pilah dumasar kana warna jeung wandana. Dumasar warnana nya éta kana waktuna prosa dibagi jadi dua nya éta:

1.      Prosa heubeul

Karya sastra dina wangun prosa heubeul nya éta dongéng. Dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun-tumurunna jeung sumebarna ku cara lisan, tara kapaluruh saha anu ngarang atawa anu nyiptakeunana. Nilik wanda jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna heunteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahluk séjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alégori pikeun mungkus téma. Dongéng téh salasahiji golongan tina carita ra’yat, dina wangun prosa, anu ku masarakat eusina dianggap ukur rékaan; béda jeung legénda, mite anu dianggap “bener” kajadian.

M.A Salmun (1963: 103-105) ngabagi dongéng jadi lima rupa nya éta:

Ø  Dongéng sato (fabel)

Ø  Dongéng déwa (mitos)

Ø  Dongéng jalma teu lumrah

Ø  Dongéng sasakala

Ø  Dongéng jurig

2.      Prosa anyar

Karya sastra anu kaasup kana prosa anyar nya éta carpon, roman, novel. Carpon nya éta karangan (tinulis), rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratif. Galur caritana relatif  basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa hiji episode, palakuna ogé ukur dua tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatif pondok. Umumna mah jejer, latar, jeung kajadian carita téh diolah tina alam kahirupan kiwari. Patali jeung situasi penerbitan kiwari, midangna carpon téh umumna mah dina majalah heula; ti dinya kakara dikaluarkeun mangrupa buku (kumpulan carpon) (Iskandarwassid, 2003:112). Carpon ogé aya anu disebut short story, carita pondok pisan (short short story) jeung carita pondok anu panjang (long short story). Anu disebut carpon di urang ilaharna panjang karanganana 4-6 kaca 1,5 spasi, padahal di barat mah éta téh kaasupna carita pondok pisan (Iséndés, 2008:17).

Novel nya éta prosa rékaan (fiksi) anu naratif (ngawujud lalakon) umumna panjang sarta galur caritana atawa plotna kompleks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi. Dina basa-basa di eropa mah umumna ngagunakeun istilah roman, anu asal muasalna tina kecap romance (puisi panjang atawa prosa anu ngolah lalakon asmara, ngalalana). Tapi basa inggris mah milih istilah nu asalna tina basa itali novella, hartina carita anu pondok dina wangun prosa. Dina sastra sunda kungsi dibédakeun; padahal saenyana mah sarua. Ku kituna dina kamekaran kiwari, leuwih hadé ngagunakeun éta istilah téh dina harti anu sarua : novel atawa roman. Dina ulikan, papasingan novel téh dumasar kana umurna umpamana aya novel sunda saméméh perang, kana eusina upamana aya novel sajarah, kana ukuranana aya novelete, dumasar kana kualitasna upamana aya novel popular, jste.( Iskandarwassid, 2003:93-94).

Dumasar kana wandana nya éta cara nepikeunana prosa dibagi jadi dua nya éta lisan jeung tulisan. Anu wangun lisan contona dongéng, anu wangun tulisan contona carpon, novel jeung roman.

2.3 Patalina Éstétika jeung Prosa

Éstétika diwanohkeun salaku konsensus dana skala nu tangtu, boh regional, kolonial, jeung dimekarkeun ku sawatara cara. Éstétika mangrupa ideal hiji teritorial anu didasaran ku tradisi ogé bisa méré pangaruh anu kawilang gedé.

Éstétika sacara filsafat  merhatikeun atawa ngahubungkeun sagala kaéndahan kana alam jeung seni. Pikeun ngarahkeun jeung ngajelaskeun jalur ieu, éstétika  masualkeun seni  sacara husus anu dingaranan filsafat seni. Hal ieu disababkeun dina kanyataanana karya seni lain ngan mangrupa objék-objék éstétik (karya seni), tapi  wujud-wujud tina ungkapan rasa anu mibanda nilai-nilai seni.

Salasahiji ahli filsafat nya éta Kant nyebutkeun yén éstétika leuwih museurkeun kana kaéndahan jeung seni. Tina hal éta bisa katitén yén éstétika téh raket pisan patalina jeung seni. Éstétika salaku cabang elmu  filsafat anu maluruh kaéndahan téh miboga hal anu kudu diteuleuman nya éta seni (filsafat seni), objék anu diteuleuman dina seni nya éta karya seni salasahijina nya éta sastra anu dijerona aya prosa. Upama dibagankeun patalina éstétika jeung prosa saperti ieu dihandap.

Éstétika

Filsafat seni

Karya seni

Sastra

Prosa

2.4 Ajén Éstétis dina Prosa

Upama urang hayang ngajén nilai éstétis nu aya dina karya sastra urang bisa ngagunakeun teori subjéktif  jeung objéktif. Teori subjéktif nilik kana kaéndahan anu museur ka aprésiator, lamun objéktif nilik kaéndahan anu museur kana benda seni. Ajén éstétis bisa kacangking upama aya interaksi antara karya seni jeung aprésiator anu engkéna ngahasilkeun kasugemaan éstétis.

Conto prosa anu baris dipedar ajén éstétisna didieu nya éta carpon “serat smaradahana” anu aya dina kumpulan carpon serat sarwasatwa karya Godi Suwarna. Carpon ieu nyaritakeun lalakon cinta tokoh pewayangan nya éta Rahwana, Déwi Sinta jeung Sri Rama. Dicaritakeun Rahwana anu kabungbulengan ku Déwi Sinta tepi ka manéhna daék ngarobah sikep anu mimitina sok galak, haok gaplok téh hal nu biasa pikeun manéhna. Tapi ti saprak aya Déwi Sinta di karajaanana nya éta Aléngka hirup Rahwana jadi rubah manéhna teu weléh alum paromanna, sorot panonna anu teu weléh seukeut lir ruruhit tumbak, pinuh ku gedurna seuneu jadi sorot anu éstuning cahayaan bangun anu keur neuteup hal anu pinuh ku kaéndahan, kaéndahan éta nyerep kana sukma Sang Dasamuka hal ieu balukar ayana Déwi Sinta, Déwi Sinta anu salawasna minuhan haté Rahwana. Sikep Rahwana nu kieu ngabalukarkeun rahayat Aléngka gé jadi tingtrim, maranéhan jadi diajar agama, padepokan-padepokan pinuh kunu nyiar élmu. Hal ieu béda pisan jeung anu kaalaman ku Sri Rama manéhna jadi jalma anu teu bisa ngontrol émosi. Déwi Sinta anu salawasna tuhu ka salaki najan aya di lingkungan Aléngka tapi kasucianana tetep dijaga, tapi Sri Rama teu percaya malah rék ngabeuleum Déwi Sinta anu teu dosa. Sri Rama kala rék miceun Déwi Sinta da geus boga anu anyar nya éta Déwi Sika. Malah waktu Rahwana rék nganteurkeun Déwi Sinta tur ménta hampura Sri Rama kala nyorowokeun perang.

Ajén éstétis anu aya dina ieu carpon nya éta tina segi maknana. Pangarang  ngagambarkeun karakteristik jalma yén jalma sakumaha jahatna ogé tangtu masih miboga haté leutik anu teu weléh ngajak kana kabeneran sabalikna jalma  sakumaha bageurna ogé tangtu waé bisa ngalakukeun kasalahan, manéhna bisa kakungkung ku nafsu anu salawasna narep dina diri manusa. Lian ti éta tina gagasan anu hayang ditepikeun ku pangarang ogé mibanda ajén éstétis nu mana didieu pangarang hayang nepikeun ajén atikan ka urang yén urang téh ulah boga pikiran goréng ka batur, tina sikep Rahwana anu dicaritakeun dina éta carpon pangarang hayang nepikeun yén lawang tobat salawasna kabuka kénéh pikeun jalma-jalma anu hayang asup kajerona sanajan éta jalma geus milampah kasalahan anu sakumaha gedéna ogé. Tina segi caritana ogé ieu carpon mibanda ajén éstétis nya éta lalakon cinta anu agung anu luhung, ku cinta jalma bisa robah 180 derajat pantes mun aya paribasa ‘cinta téh bisa ngarobah sagalana”, ku cinta sajati Rahwana ka Déwi Sinta anu lir hérangna talaga ngabalukarkeun robahna sikep Rahwana. Ku cintana Déwi Sinta ka Sri Rama anu suci manéhna satia ngajaga kasucianana tapi cinta ogé bisa nimbulkeun angkara jeung nalangsa cintana Rama ka Sinta ngabalukarkeun rasa cangcayana Rama kana kasatiaan Sinta anu nimbulkeun  perang, cintana Rahwana ka Sinta nimbulkeun kanalangsaan, Rahwana teu bisa ngapimilik Sinta da haté Sinta ngan ukur keur Sri Rama, Rahwana teu bisa maksakeun kahayangna da ari masalah cinta mah éta mah masalah haté, nu mitresna teu kudu hayang mibanda. Tapi anu leuwih luhung nya éta cintana Rahwana ka Déwi Sinta nganteurkeun Rahwana kana asih anu leuwih éndah nu leuwih agung nya éta Asih ka Nu Maha Asih.

Lian ti anu ditataan diluhur, carpon ieu ogé mibanda ajén éstétis tina unsur-unsur intrinsikna. Témana ieu carpon nya éta cinta, anu mana dimana urang ngomongkeun cinta tangtu waé jerona mibanda hal-hal anu éndah. Alur anu dipidangken ku pangarang ogé alur anu bisa kacangkem ku nu maca dimana nu maca bisa nyangking makna anu mibanda ajén téa kalawan babari, tokoh tur penokohanana ogé tina makna anu aya dina karakteristik tiap tokohana ogé katingali éstétisna. Basa atawa gaya basa anu digunakeun ku pangarang ogé mibanda ajén éstétis, bisa mawa urang asup kana carita tur mawa urang ngararasakeun kumaha kaayaan dina jero carita ngaliwatan basa anu digunakeun, upamana pas nyaritakeun kumaha rarasaan Rahwana anu keur katerapan rasa asih anu éndah ka Déwi Sinta mawa urang nyawang ngararasakeun naon anu dirasakeun ku Rahwana.

2 Pairan (+add yours?)

  1. elsa
    Nov 26, 2012 @ 04:30:38

    haturnuhun kang, ngabantosan pisan tulisanana.

    Waler

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

Désémber 2016
M T W T F S S
« Feb    
 1234
567891011
12131415161718
19202122232425
262728293031  
%d bloggers like this: